SOAL ULANGAN BASA SUNDA
SOAL ulangan kls X
Jawab
kalayan singget!
1. Tarjamahan tina
kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang
Sunda.” anu merenah, nyaéta...
2. Paribasa “Waktu sarua jeung
duit” mangrupa
tarjamahan tina basa Indonésia, nyaéta...
3. jelaskeun tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rék
narjamahkeun !
4. pek jieun kalimatna ku hidep anu ngandung sosiolinguistik
jeung semantik !
5. Naon pentingna jeung
tujuan narjamahkeun
téh ?
6. Kumaha ari kamampuh gramatikal dina
narjamahkeun?
7. Pek tataan
hiji – hiji jeung jelaskeun aturan
nerjemahkeun kuhidep!
8. Jelaskeun
definisi engang ! jeung kabagi sabaraha ari engang teh jelaskeun oge hiji hiji
ku hidep !
9. Pek bere
conto kecap anu unina aya 5 engang !
10.
Jelaskeun naon ari ngaran asakan ngabangkerok teh !
BACA DONGENG DI
HANDAP IEU SING GEMET (TALITI )!!!
“REUNGIT SOK DISADA KANA CEULI”
Jaman baheula aya
hiji Nagara reungit, anu diratuan ku rengit awewe. Eta nagara pohara
beungharna. Tentarana gagaragah, patihna satia. Sang ratu kacida gindingna,
pakeanana hurung-herang, make geulang jeung suweng emas.
Dina hiji peuting,
keur jemplang jempling, aya jelema asup ka karaton Ratu reungit tea, kabeneran
tentara anu jaraga sarare mani talibra, atuh eta jelema teh jongjon asup ka
kamar Ratu. Kebeneran Ratu oge keur tibra deuih. Karayap eta jelema teh
ngadeukeutan sang Ratu reungit, tuluy suweng nu dipake Sang Ratu dilaan. Tapi
kakara dilaan sabeulah, kaburu Sang Ratu hudang manten, tuluy gogorowokan, “
Bangsaaaaatt! Bangsaaatt! Bangsaaaatt!”. Eta jelema kaluar terus kabur bari
mawa suweng sabeulah. Tentara nu jaraga tea, tuluy ngarudag, tapi eta jalma teu
kasusul.
Isukna Sang Ratu
marentah ka tentara jeung rahayatna, pokna, “ Sakabeh bangsa reungit kudu
nareangan suweng anu dipaling tea, tempoan dina unggal ceuli jelema!”
Ti harita sakabeh reungit
nareangan eta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit teh masih keneh nareangan
eta suweng nempoan kana ceuli jelema-jelema, bari disada “sueeengngng’. (dicutat
tina buku dongeng-dongeng sasakala)
11. Analisis dongeng di luhur make
unsur-unsur intrisik !
- tema - latar
- judul - galur
- tokoh - amanat
- watak
12
Sebutkeun jenis
- jenis
dongeng (papasingan dongeng)
basa Sunda sakalian
jeung contona!
13. Sebutkeun kunaon dina carpon aya unsur ekstrinsik !
Jelaskeun kumaha cara nganalisisna !
14. Jelaskeun ku
hidep cara Ngadogéng ngagunakeun papan flannel !
15. Kabagi
sabaraha dongeng legenda teh ? jelaskeun jeung contoan !
16. Pek
teangan ku hidep conto judul dongeng di luar nagari anu sarua jeung dongeng si kabayan !
17. Unsur ekstrinsik
dongeng teh naon bae? coba jeulaskeun hiji – hiji !
18. Numutkeun
Budi Rahayu Tamsah, dongeng nyaeta ?
19. Aya
sabaraha hiji fungsi dongeng teh ?
20. Dongéng mampuh
ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak, eta
teh numutkeun panalungtikan saha jeung tahun sabaraha ?
SOAL Ulangan kls XI
Jawab
kalayan singget!
1. Wangenan Biantara,
nyaéta...
2. Tataan
kuhidep tujuan biantara jeung Jelaskeun !
3. Tataan
hiji – hiji kuhidep
Padika Biantara jeung jelaskeun !
4. Wanda dina biantara aya sabaraha hiji sebut keun ? jeung jeulaskeun !
5. Naon gunana
biantara teh sebutkeun ?
6. Naon wae ari Persiapan Biantara teh, sebutkeun ?
7. Pek tataan
Carangka
Biantara kuhidep!
8. Sebutkeun
jeung jelaskeun unsur unsur dina
biantara !
9. Jelaskeun
naon ari nudimaksud nyaho wawasan anu ngadangukeun biantara secara umum !
10.
Naon nu dimaksud “ Pikeun nepikeun rupaning
kapentingan/maksud dina guna biantara, jeulaskeun !
11.
Sisindiran digolongkeun
jadi 3 bagian nya eta.?
12.
.Abdi
teh kapiring leutik
Kaisinan ku gamparan
Jawaban tina wawangsalan di luhur nya eta.?
13. Anak badak ti Ciceuri
Rek dibawa ka Cililin
Ngadak-ngadak ngajak seuri
Lila-lila ngajak kawin
Sisindiran di luhur kagolong
kana ?
14. Mun ngala koneng ka
Bandung
.................................................
Mun urang goreng ka indung
..................................................
Sok
lengkepan sisindiran rarakitan piwuruk diluhur, baris ka 2 jeung ka 4 ku hidep ?
15.
Lengkepan sisindiran sesebred dihandap ieu
Boboko keur wadah kangkung
Digantelan daun honje
............................................
.............................................
16.
Sisindiran téh asalna
tina kecap naon ? jeung naon artina ?
17.
Ciri-ciri
sisindiran bentuk paparikan, rarakitan jeung wawangsalan nya éta :
18.
Léngkah-léngkah nyieun sisindiran wangun paparikan, jeung rarakitan, nyaeta ?
19.
Sok analisis ku hidep gaya bahasa, purwakanti, sisindiran
di handap ieu ?
Meuli kurupuk sadacin
Diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
Eta nu diasih ku Alloh
20. Léngkah-léngkah nyieun sisindiran wangun wawangsalan nyaeta ?
SOAL Ulangan KLS XII
Jawab
kalayan singget!
1. Naon ari
nudisebut tradisi teh
nyaéta...
2. Dina
tradisi sunda ngawinkeun aya salah sahijina “ Nincak Endog” naon maksudna,coba
jeulaskeun.!
3. Samemeh
malawija atawa samemeh nyimpen hasil palawija jeung tatanen dikampung naga sok
diayakeun ritual heula kujalan meulem menyan (kemenyan) dina parupuyan,
jelaskeun kuhidep simbol simbol anu aya dina waktu meulem menyan dina parupuyan
?
4. “ Jati kasilih ku junti lengit ciri tinggal cara” naon
artina mun di terapkeun kana tradisi sunda ?
5. Jelaskeun
dina ritual acara tradisi tenjrag bumi ka budak téh naon
maksudna !
6. Sok tataan hiji – hiji kuhidep ari sstem upacara adat teh
aya sabaraha ! Jelaskeun hiji – hji !
7. Pek tataan
hiji – hiji jeung jelaskeun kuhiep
fungsi upacara adat !
8. Tradisi
anu masih keneh dilaksanakeun nepi ka ayeuna aya sabaraha ? terus jelaskeun ku
hidep hiji - hiji !
9. Pek jelaskeun
kuhidep naon maksudna fungsi sosial dina fungsi pacara adat !
10.
Jelaskeun naon ari maksudna bagantena waktu teh !
11. Sebutkeun sasaruaan jeung bédana carita wayang jeung
dongéng!
12. carita ramayana jeung mahabarata saha nu
ngarangna jeung sabaraha panjangna?
13. Di mana tempat mimiti mekarna seni wayang golék di
Pasundan téh?
14. naon nu disebut kakawen, murwa,nyandra, antawacana, jeung janturan téh?
15. Salian ti wayang golék, di Pasundan téh kungsi aya wangun
wayang naon deui? Di mana ayana? jeung sebutkeun lalakon caritana!
16. ari nu disebut satria pringgandani teh
saha? Jeung naon ajianna sarta
pakarangna/senjatana ?
17. Kumaha hubungan Déwi Kunti jeung Déwi Gandari ka Pandu
jeung Déstrarata?
18. Ari pandawa lima téh saha waé? Kumaha hubunganana jeung
Dipati Karna?
19. Naon sababna para Pandawa
dibéré leuweung Wanamarta ku Déstrarata?
20. Ku naon pangna Pandawa jeung Kurawa perang sadulur
(Bratayuda)?
Kunci Jawa bannya dmna ya
BalasHapus