MATERI WAYANG GOLEK OLEH : YUSUP SUPRIYATNA


Wayang nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta saperti carita wayang jeung dongeng. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon. Di handap ieu nyaeta 10 soal pilihan ganda jeung jawabanana ngeunaan carita wayang :

1. Carita wayang kaasup kana karya sastra wangun …
a. Ugeran
(b). Lancaran
c. Pupuh
d. Tembang

2. Sasaruan wayang jeung dongeng nyaeta sarua-sarua mangrupa…
(a). Prosa buhun
b. Prosa modern
c. Puisi
d. Carita pantun

3. Dina wayang India mah teu aya tokoh…
a. Srikandi
b. Gatotkaca
c. Dorna
(d). Punakawan

4. Carita anu aya dina carita wayang asalna ti …
a. Singapura
b. Malaysia
(c). India
d. Thailand

5. Carita wayang di Indonesia kapangaruhan ku agama …
(a). Islam
b. Kristen
c. Budha
d. Shinto

6. Sasaruaan wayang jeung novel nyaeta sarua karya sastra wangun …
a. Ugeran
(b). Lancaran
c. Pantun
d. Sisindiran

7. Carita wayang dumasar kana carita ...
a. Lutung Kasarung
b. Ciung Wanara
c. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
(d). Mahabarata jeung Ramayana

8. Salah sahiji beda carita wayang jeung dongeng...
a. Carita wayang kaasupna kana prosa buhun, dongeng kaasupna kana prosa modern
b. Carita wayang asalna ti Jawa, dongeng asalna ti Sunda
(c). Anu nulis carita wayang mah biasana jelas, ari dongeng mah mindeng henteu jelas
d. Carita wayang teu aya unsur pamohalan, dongeng mah aya unsur pamohalan

9. Dina carita wayang India Dorna teh mangrupa tokoh anu...
(a). Wicaksana jeung dipikahormat
b. Julig
c. Rehe
d. Pikasebeleun

10. Dina carita wayang India Srikandi nyaeta saurang...
a. Budak leutik
(b). Lalaki
c. Awewe
d. Punakawan

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SOAL ULANGAN BASA SUNDA